Sony Xperia E1 - Setelan kamera umum

background image

Setelan kamera umum

Langlangan setelan modeu nyandak gambar

Otomatis superior

Optimalkeun setelan sangkan cocog ka pamandangan naon wae.

Manual

Atur setelan kamera sacara manual.

Background defocus

Rumeukkeun latar tukang poto Anjeun supaya subjek poto Anjeun katempona leuwih seukeut.

Epek AR

Candak poto ku pamandangan jeung karakter virtual.

Epek kreatip

Terapkeun epek ka poto atawa video.

72

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Timeshift burst

Teang poto nu panghadena di antara urutan gambar.

Social live

Siarkeun video langsung ka Facebook™.

Panorama Sapu

Pake setelan ieu pikeun nyandak poto panoramik nu sudutna gede. Ketok we layar tur pindahkeun

kamera sing ajeg ti hiji sisi ka sisi nu sejen.

Toel ulang potret

Moto make gaya potret nu-ayeuna.

Info-eye™

Aplikasi Info-eye™ mantuan Anjeun pikeun neangan inpo tentang hal-hal nu aya di

sakuliling Anjeun make layar tempo heula kamera. Contona, Anjeun tiasa nyandak poto

hiji tempat tur nampa inpo tentang tempat eta langsung di layar Anjeun. Atawa Anjeun

tiasa nyandak poto hiji buku atawa nyeken QR code tur menangkeun inpo latar tukangna

sacara langsung.

Info-eye™ ngan tiasa ngenalan tempat atawa objek terpilih.

Epek AR

Anjeun tiasa nambahkeun epek AR (augmented reality) ka poto Anjeun tur nyieun poto

jadi leuwih rame. Setelan ieu ngidinan Anjeun ngagabungkeun pamandangan 3D ka poto

Anjeun basa Anjeun nyandak eta poto. Anjeun ngan milih pamandangan nu

dipikahoyong tur ngaluyukeun posisinan di jandela tempo heula.

Timeshift burst

Kamera nyandak urutan 61 poto di jandela salami dua detik – hiji detik pertama

samemeh tur saatos Anjeun mencet kenop kamera. Jadi Anjeun tiasa malikan tur

manggihan gambar nu sempurna.

Pikeun make Timeshift burst

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , teras pilih .

3

Pikeun nyandak poto, pencet kenop kamera sajero-jerona teras leupaskeun. Poto

nu dicandak bakal nembongan di panempoan gambar leutik.

4

Gulung dina gambar leutik tur pilih poto nu Anjeun hoyong simpen, teras ketok .

Social live

Social live nyaeta modeu pamakean kamera nu ngidinan Anjeun nyetrim video langsung

ka kaca Facebook™ Anjeun. Anjeun ngan kudu gaduh sambungan Internet aktip tur

asup ka Facebook™. Durasi video tiasa nepi ka 10 menit.

Pikeun nyiarkeun video langsung nganggo Social live

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , teras pilih .

3

Asup ka akun Facebook™ Anjeun.

4

Ketok pikeun ngamimiti siaran.

5

Pikeun nyandak poto salami siaran, ketok .

6

Pikeun ngeureunkeun siaran, ketok .

Buka rusuh

Gunakeun setelan buka rusuh jang muka kamera lamun layar dikonci.

Ngan ngajalankeun

Saenggeus Anjeun nyered ka luhur, kamera utama dibuka tina modeu sare.

Jalankeun tur potret

73

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Saenggeus Anjeun nyered ka luhur, kamera poto dibuka tina modeu sare terus motret hiji gambar.

Jalankeun sareng rekam video

Saenggeus Anjeun nyered ka luhur, kamera video dibuka tina modeu sare terus ngarekam.

Pareum

Geotag

Tag poto sareng wincik tempat anjeun nyandak poto eta.

Nyandak gambar ku noel

Nangtukeun area pokus, terus toel layar kamera make ramo Anjeun. Poto dicandak

langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun ramo Anjeun.

Sora jepret

Pilih pikeun ngahurungkeun atawa mareumankeun sora jepret basa Anjeun keur

ngarekam video.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.

Imbangan bodas

Pungsi ieu ngaluyukeun kasaimbangan warna nurutkeun kondisi cahya Ikon setelan

imbangan bodas sadia dina layar kamera.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis pikeun nyocogkeun ka kondisi pencahyaan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.