Sony Xperia E1 - Inpormasi hukum

background image

Inpormasi hukum

Sony D2004/D2005

Buku pituduh ieu dipedalkeun ku Sony Mobile Communications AB atawa perusahaan filial lokalna, tanpa aya

haransi. Perbaikan jeung parobahan ka Buku pituduh ieu diperlukeun kusabab kasalahan panulisan, inpo

panganyarna nu teu akurat, atawa perbaikan program jeung/atawa peralatan, tiasa dijieun ku Sony Mobile

Communications AB sawaktu-waktu jeung tanpa bewara heula. Parobihan anu kitu, bakal dilebetkeun kana edisi

anyar Buku pituduh ieu.
©Sony Mobile Communications AB, 2013.
Alat anjeun gaduh kamampuan ngundeur, nyimpen sareng neraskeun eusi tambihan, contona rington. Nganggo

eusi nu sapertos kitu bisa jadi diwatesan atanapi dicaram ku hak-hak pihak katilu, kaasup tapi teu diwatesan ka

watesan nu diatur ku hukum hak cipta nu lumaku. Anjeun, sanes Sony, sadayana tanggung jawab kana eusi

tambihan nu anjeun undeur atanapi teraskeun tina alat anjeun. Sateuacan nganggo eusi tambahan nu mana wae,

pariksa yen anjeun tos gaduh lisensi atawa idin pikeun nganggo eta eusi. Sony teu ngajamin kaakuratan, integritas

atawa kualitas eusi tambahan atawa eusi ti pihak katilu nu sejen. Dina sadaya kaayaan Sony moal tanggung jawab

dina cara naon wae kanggo panganggoan teu bener eusi tambahan atawa eusi ti pihak katilu ku anjeun.
Buku pituduh ieu tiasa nuduhkeun ladenan atanapi aplikasi nu disayagikeun ku pihak katilu. Nganggo

pamrograman atanapi ladenan anu kitu bakal meryogikeun pendaptaran kapisah ka operator pihak katilu tur bakal

matuh ka sarat panganggoan tambihan. Pikeun aplikasi nu diakses dina atawa liwat situs web pihak katilu, mangga

pariksa heula sarat panganggoan situs web eta sarta kawijakan privasina nu lumaku Sony henteu ngajamin

kasadiaan atawa kinerja situs web pihak katilu mana wae atanapi ladenan nu ditawarkeun.
Sony nyaeta merek dagang milik Sony Corporation. Android nyaeta merek dagang milik Google Inc. Sadaya

produk sareng nami pausahaan nu disebatkeun di dieu mangrupakeun merek dagang atawa merek dagang

kadaptar ti nu gaduhna. Sadaya hak nu henteu disebatkeun kasurat di dieu ditangtayungan. Tingali

www.sonymobile.com kanggo inpo nu langkung lengkep.
Sadaya ilustrasi ngan saukur kanggo ilustrasi jeung meureun henteu akurat ngagambarkeun alat nu sabenerna.
Produk ieu ditangtayungan ku hak cipta intelektual Microsoft nu tangtu. Panganggoan atawa distribusi teknologi di

luar ieu produk dilarang upami teu aya lisensi ti Microsoft.
Nu gaduh eusi nganggo teknologi pangaturan hak digital Windows Media (WMDRM) kanggo nangtayungan hak

kakayaan intelektualna, kaasup hak cipta. Alat ieu nganggo software WMDRM pikeun ngakses ka eusi nu

ditangtayungan ku WMDRM. Upami software WMDRM gagal nangtayungan eusi, nu gaduh eusi tiasa menta

Microsoft nyabut kamampuan software nganggo WMDRM pikeun muter atanapi niron eusi nu ditangtayungan.

Panyabutan moal mangaruhan eusi nu teu ditangtayungan. Sawaktos anjeun ngundeur lisensi eusi nu

ditangtayungan, anjeun satuju yen Microsoft tiasa ngalebetkeun daptar panyabutan dina lisensina. Nu gaduh eusi

tiasa menta anjeun ngamutahirkeun WMDRM pikeun ngakses eusi anjeunna. Upami anjeun nampik pamutahiran,

anjeun moal tiasa ngakses eusi nu meryogikeun pamutahiran.
Produk ieu dilisensikeun dina lisensi portofolio visual MPEG-4 sareng paten AVC pikeun panganggoan pribados

sareng non-komersil konsumen kanggo (i) encoding video supados matuh ka standar visual MPEG-4 ("video

MPEG-4") atanapi standar AVC ("video AVC ") sareng/atanapi (ii) decoding video MPEG- 4 atanapi AVC anu di-

encoding ku konsumen nu dina aktipitas pribados sareng non-komersil sareng/atawa anu dicandak ti panyadia

video anu dilisensikeun ku MPEG LA kanggo nyadiakeun MPEG-4 sareng/atanapi video AVC. Lisensi anu

dipasihkeun teu lumaku pikeun panganggoan nu sanes. Inpormasi tambihan kaasup nu patali jeung kagiatan

promosi, internal sareng panganggoan komersil sareng ngalisensian tiasa dicandak ti MPEG LA, L.L.C. Tempo

http://www.mpegla.com. Teknologi dekoding audio MPEG Layer-3 dilisensikeun ti Fraunhofer IIS and Thomson.
SONY MOBILE MOAL TANGGUNG JAWAB KANA KARUGIAN, PUPUSNA JEUNG/ATAWA KATIMPANA DATA

ATANAPI PAYIL PRIBADI NU DISIMPEN DI TELEPON ANJEUN (KAASUP TAPI TEU KAWATES KA KONTAK,

LAGU JEUNG GAMBAR) JALARAN APDET ALAT ANJEUN NGANGGO PADIKA NAON WAE NU DIJELASKEUN

DINA BUKU PITUDUH IEU, OGE JALARAN PANGANGGOAN INDIKASI ATANAPI TIPS NAON WAE ANU

DISAYOGIKEUN DINA SUBBAGEAN “PADIKA KANGGO NRANSPER KONTAK” JEUNG “PENYIMPENAN DATA”

DOKUMEN IEU. DINA KAAYAAN NAON WAR, SONY MOBILE ATANAPI PAMASOKNA MOAL TANGGUNG

JAWAB TOTAL KA ANJEUN KANGGO SADAYA KARUGIAN ATAWA KARUGIAN NAON WAE KUMARGI

107

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

TINDAKAN (DINA KONTRAK ATANAPI KASALAHAN, NANGING TEU KAWATES KA KALALAIAN ATANAPI NU

SEJEN) NGALANGKUNGAN JUMLAH SABENERNA NU DIBAYAR KU ANJEUN KANGGO ALAT ANJEUN.

108

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.